Lirik Lagu Wisata Garut - Asep Kosasih SA

Lirik Lagu Wisata Garut - Asep Kosasih SA

Lirik Lagu Wisata Garut - Asep Kosasih SA

Garut endah Kajojo Kamana-mana
Seueur daerah wisatana
Katelah Paris Van Java

Garut Endah Jul-Jol Para wisatawan
Di Cipanas Kokojayan
Nu nganjang pada kagembang

Lalayaran di bagendit
Rarakitan di Cangkuang
Mapayan talaga bodas
Darajat jeung Papandayan

Ka basisir laut kidul
Ka Darmaga ka Santolo
Sayang Heulang, Karang Numpang
Cijayana, Rancabuaya

Anu aheng leuweung Sancang
Curug Orok, Neglasari
Cagar budaya ciburuy
Makam Godog jeung Ci Nunuk

Kampung Dukuh keukeuh tukuh
Ngagem tradisi talari
Sindang heula ka sampireun
Matak betah tumaninah

Wisata Garut ku matak endah
Pada ngadeugdeug ku balarea
Wisata Garut duh pangirutan
Nu kapitineung ku balarea

Wisata Garut ku matak endah
Pada ngadeugdeug ku balarea
Wisata Garut duh pangirutan
Nu kapitineung ku balarea

Garut endah Kajojo Kamana-mana
Seueur daerah wisatana
Katelah Paris Van Java

Garut Endah Jul-Jol Para wisatawan
Di Cipanas Kokojayan
Nu datang pada kabandang

Lalayaran di bagendit
Rarakitan di Cangkuang
Mapayan talaga bodas
Darajat jeung Papandayan

Ka basisir laut kidul
Ka Darmaga ka Santolo
Sayang Heulang, Karang Numpang
Cijayana, Rancabuaya

Anu aheng leuweung Sancang
Curug Orok, Neglasari
Cagar budaya ciburuy
Makam Godog jeung Ci Nunuk

Kampung Dukuh keukeuh tukuh
Ngagem tradisi talari
Sindang heula ka sampireun
Matak betah tumaninah

Wisata Garut ku matak endah
Pada ngadeugdeug ku balarea
Wisata Garut duh pangirutan
Nu kapitineung ku balarea

Wisata Garut ku matak endah
Pada ngadeugdeug ku balarea
Wisata Garut duh pangirutan
Nu kapitineung ku balarea

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Lirik Lagu Wisata Garut - Asep Kosasih SA"

Post a Comment