Lirik Lagu PENDIDIKAN??? - Asep Balon feat. Lain Puisi

Lirik Lagu PENDIDIKAN??? - Asep Balon feat. Lain Puisi 

Lirik Lagu PENDIDIKAN??? - Asep Balon feat. Lain Puisi

loba nu ngaku jelema berpendidikan
tapi nyatana manehna teu boga pendirian
sakolana luhur tapi poho nu jadi dulur
otak disakolakeun tapi mikir make bujur

loba nu hese gawe padahalmah sarjana
S1.. S2.. tapi kadon gawe di Alfa
ijazah aing paket c tapi aing mah pede
karna sukses teu cukup ku gelar meunang pamere

pendidikan didieu ngan saukur kata kata
jarago komentar karna kurangna minat baca
SMA di batur geus nyieun robot jeung gearbox
budak sakola didieu masih saribuk nyieun tiktok

aing wani ngadu jeung nu ngaku loba elmu
da nu bener pintermah ngan hiji banding sarebu
karna elmu sabenerna nu sia kudu boga
aya di kahirupan lain saukur ti sakola

matakna..
jang naon sakola?
mun sia.. ukur nyusahkeun indung jeung bapa

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Lirik Lagu PENDIDIKAN??? - Asep Balon feat. Lain Puisi "

Post a Comment