Lirik Lagu Meuning Jomblo - Asep Balon feat. Agan Paralon

Lirik Lagu Meuning Jomblo - Asep Balon feat. Agan Paralon

Lirik Lagu Meuning Jomblo - Asep Balon feat. Agan Paralon

meuning jomblo
meuning jomblo
daripada beungeut jadi boloho

meuning jomblo
meuning jomblo 
piceun kabogoh nu olo olo

meuning keneh jomblo 
karna geus loba anu jadi conto
bu gableg kabogoh otakna sok jadi bodo
kahayang kabogohna sagala dicumponan
teu nyadar diri manehna saukur diporotan

indit ka bioskop unggal film tayang
duit sia beak demi kata makasih sayang
leuheung lamun boga kabogohna solehah
ieu mah ngan nyieun dompet kosong siga kopeah

negara merdeka tibasa keur eta
sia dijajah keneh musingkeun sarerea
hayang ulin teu meunang da sagala di kekang
hirup sia ciga motor anu dikonci setang

ku kabogoh sieunna geus ciga ningali macan
ai ka kolot sorangan sok wani ngalawan
hayang dikutuk jadi meja parasmanan
cigana mah sia keur orokna teu diadzanan

meuning jomblo
meuning jomblo
daripada beungeut jadi boloho

meuning jomblo
meuning jomblo 
piceun kabogoh nu olo olo

jadi jomblo mah moal loba nyeri hate
teu ciga sia anu hirupna ngabatin wae
bisa happy jeung seuri tanpa sieun dinyenyeri
hirup enjoy da bahagiamah teu kudu meuli

jomblo peduli lingkungan teu kudu loba mandi
unggal panggih kudu mandi lebar hambur hambur cai
di lembur batur mah hayang nginum ge hese
sia miceunan cai ukur jang manggihan awewe

jomblo lain berarti aing teu payu
aing hayang bebas teu kudu ngabaran tiap waktu
dekeut jeung sasaha moal aya nu nyarek
teu kudu nurut aturan ciga pagawe kahatex

jadi jomblo mah jauh kana maksiat
teu ciga sia anu mesum na tara kaliwat
aing erek ngawiat ieu hiji kalimat
inget aing jeung saria teh bakal dijemput ku malaikat

meuning jomblo
meuning jomblo
daripada beungeut jadi boloho

meuning jomblo
meuning jomblo 
piceun kabogoh nu olo olo

emang sih cinta ceunah mah buta
tapi teu kudu kitu carana 
da lamun aing kudu ngalaman 
teu sudi teuing mending sorangan

meuning jomblo
meuning jomblo
daripada beungeut jadi boloho

meuning jomblo
meuning jomblo 
piceun kabogoh nu olo olo

meuning jomblo
meuning jomblo
daripada beungeut jadi boloho

meuning jomblo
meuning jomblo 
piceun kabogoh nu olo olo

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Lirik Lagu Meuning Jomblo - Asep Balon feat. Agan Paralon"

Post a Comment